A password will be e-mailed to you.

Lalay nu rabeng ti panyumputanna tingsariet nurihan langit. Méga-méga ngagebur beureum. Angin ngalinjing teuing ti mana nya miangna, atawa ka mana nya nu dijugjugna. Ngan ukur kapireng rahuhna. Kapireng ogé sora nu brong-brang, nu trong-trang, kawas gamelan nu ditabeuh sakahayang. Aya nu patingkowowong ti pipir Balé Ageung, ti jauhna, ti mana-mana. Pirang-pirang mesin ngagarerung. Pirang-pirang sato barabaung. Pirang-pirang sawah nu balalangkar, leuweung-leuweungna nu balulistir, bet kapireng rampak ngahaleuangkeun kawih rungsing. Balé Ageung tanding pasir ngajungkiring jangkung di tengah-tengah lembur. Lembur Hitut.

Pangeras sora ngorosak, ngahihiung tina suhunan Balé Ageung. Ngahieng siga bangbara. Ngajelengéng, ngajelengéng matak katorékan.

“Kacooow, brow! Parah kacida pamiarsa! Urang parantos poho kana waktos! Sakedap deui bakal hilap kana sagalanyah! Balai, euy! Na di mana para Batara?” cenah. Handaruan tina pangeras sora. Mapakan sora-sora mesin, mapakan sora-sora sasatoan, mapakan sora tutuwuhan nu ngaharegung balas halodo panjang.

Jep sakuriling bungking. Simpé najan ukur sakedapan. Jalma-jalma di budeureun Balé Ageung, di jauhna, di suklakna, di siklukna, tingaharuleng.

“Uy, saha?” ceuk salah saurang.

“Saha, nya?” ceuk anu séjén mairan.

“Sttt!”

Tingketeyep, jéjéngkéan, ngepung Balé Ageung. Tuluy noong tina jandéla nu kabeneran molongo.

“Goblog sekali!” ceuk anu noong pangheulana.

“Saha nu goblog téh?” ceuk anu seseledek tukangeunana. “Ka aing?”

“Dasar nu burung!” ceuk nu keur noong.

“Ka saha ari sia? Hayang ditampiling?” ceuk anu panasaran.

“Abong nu gélo!” ceuk anu noong.

“Sing puguh ari cacapék téh? Bising katalapung!” ceuk anu seseledek teu kabagéan noong bari jeung enyana jekok najong kana bobokong sataker tanaga.

“Si Éta! Si…” teu kebat da kaburu napsu hayang males najong.

Bukbek deui. Jogol deui. Silih tonjok deui siga tadi. Silih siku deui siga kamari. Siga mangkukna. Harénghéng deui baé. Beuki campuh. Kalah beuki ragot. Galungan. Nu teu apal di nanaon gé milu jogol. Nu aduh-aduhan mah sasatoan di jauhna, bet kakayon di kebon-kebon bangkar, di leuweung-leuweung coréngcang.

“Hadirin sadayana, tada teuing Batara Kala bakal bendu. Bakal nibankeun bebendon ka urang sadaya. Bakal aya caah déngdéng. Batara Kala bakal ngajirim hujan angin, hujan dordar gelap. Angin topan bakal ngaranjah lembur Hitut yang amat sangat kita cintai ini melebihi tai. Cilaka, Luuuur!” ceuk anu ngagorowok tina pangeras sora.

“Gawat, gawat! Waktu hanya sehari ini lagi! Sisa waktu nyaris tak ada… Dan demi waktu, saéstuna manusa nu bakal rugel ku talajakna nyalira! Manusa bakal rugel ku babangusna séwang-séwangan! Ku mangsa yang sama sekali tidak ada. Hidup tidak ada artinya lagi ajig. Orang-orang édan terbakar dalam mimpinya sendiri!”

Jempling deui. Lain ukur sajongjongan. Ngaharuleng. Nalangunjar. Narangkeup tuur. Nu tadina ngajurahroh tuluy ngajanteng.. Sato galak arolohok mata simeuteun. Kebon, sawah, leuweung, batu-batu. Taya nu lémék taya nu nyarék. Si Éta tuluy norowélang semu ngahaleuang tina pangeras sora di Balé Ageung.

Si Éta nelahna, teuing saha ngaran sabenerna, teu kadang teu baraya, taya nu apal naon gawéna ari lain ngahariring mah, ngahaleuang, sakarepna. Aya ngeunaheun aya henteu. Harita mah rada peuyeuh, rada cumalimba. Kawas tarawangsa nu dikésétan. Lila-lila jadi peura. Lir sora aki-aki, lalaki sésa jaman baheula, nu sorana geus ngaraha.

***

Cahaya panonpoé siga seuneu nu ngaléntaban méga-méga. Langit ngabebela. Panonpoé siga ngeclak-ngeclakkeun getih. Jalan aspal kawas dicébor ku getih. Beureum. Beureum getih. Jalan téh ngeplak beureum. Warna getih. Getih nu ngemplang di saparat jalan. Getih sasaha. Urut paséa. Urut papuket. Sato galak barabaung ti mumunggang gunung.

“Ahuuuung! Ahuuung! Ahuuung! Ayeuna mah panonpoé tos badé surup. Ku margi kitu, tos samistina upami urang sadaya émut ka purwadaksi. Kedah ngémut atuh koplok!” Si Éta capétang tina pangeras sora, dipupuhkeun niru-niru lagam asmarandana, dipadakeun jeung céngkok dangdut Pantura, panungtungan lagam nadoman. Ka dituna mah bet siga nu ngabeluk.

“Kudu kumaha atuh?” ceuk salah saurang.

Horéng simanahoréng urang lembur Hitut geus tungkeb minuhan Balé Ageung. Aya nu sila tutug. Aya nu ngagolér. Awéwé. Lalaki. Kolot jeung budak. Sasatoan gé milu aub. Pon kitu deui tutuwuhanana. Tuturubun ti mumunggang pasirna, haranjat ti léngkob-léngkobna.

“Ari mikir kudu maké uteuk, yah!” ceuk Si Éta.

“Ari kitu mah kudu lalaki wungkul! Bikang mah montong diajak! Loba teuing maké haté!” ceuk hiji lalaki. “Bising méwék!”

“Cungur sia! Mikir gé kudu imbang jeung haté, deuleu!” témpas hiji awéwé.

“Ngomong hareupeun aing téh kudu jeung haté, sayang!”

Pirang-pirang lalaki gancang nyempad éta awéwé. Pirang-pirang awéwé gancang mélaan. Gurger. Pangeras sora sahéng deui waé. Nyéngsréng lir sora sééng. Pahereng-hereng. Pakereng-kereng. Sawaréhna mah burial-buncelik sabab éléh nyarita.

“Kumaha ieu téh, kawan-kawanku sekalian? Diajak berpikir, diajak sawala malah hoghag seperti kieu! Sing isin ku sasatoan, sing isin ku tutuwuhan, sing isin ku ageman, deuleu. Sadayana nyepeng pageuh kawijaksanaan sepuh sareng atikan para nabi, sanés? Ka cai jadi saleuwi, ka darat kedah jadi salogak, muhun? Sing isin atuh ieuh! Sing isiiin ku babasan sareng paribasa! Lima menit, laaah, gaduh kaisin!” ceuk Si Éta. “Lima meniiit, koplok! Étang-étang iklan!”

Jep. Jempé. Jempling. Jempling pisan. Panonpoé masih kénéh gubar-gebur luhureun gunung, ngaléntab munara Balé Ageung.

“Kudu kumaha atuh?” ceuk sakadang anjing nu ngadungkuk di juru panasaran.

“Uing mah bingung!” ceuk tangkal kiara nu ngadapang di tukang.

“Ayeuna mah kieu baé, muhun,” ceuk Si Éta taya riuk susah, “urang téh geus teu bisa ngandelkeun haté, teu bisa ngandelkeun teuing pikir.”

“Tah, lamun kitu, naha rék maké tuur? Peureup? Capé! Kapan gelut teu anggeus-anggeus. Uing hayang reureuh saheulaanan mah, tapi gelut deui ogénan hayu kétang! Moal burung diladénan!” ceuk hiji pamuda bari cengkat.

“Ayeuna mah urang ngulik deui kasabaran, Sujang. Urang nganti katengtreman nu bakal datang,” ceuk Si Éta. Omonganna leuluey naker meper amarah sasaha. Wibawaan. Teu siga-siga jelema owah.

“Katengtreman téh nanahaon?” ceuk hiji awéwé. “Saha mangkelukna nu bisa mawa katengtreman ka dieu?”

“Alah, pamingpin paling ogénan!” ceuk lalaki tengah tuwuh. “Ti jaman tai kotok dilebuan kalah cangkeul beuheung nungguan. Tai kotok kalah garing!” diselang rénghap-ranjug. “Mending kénéh kieu, bébas. Saban jalma mingpin dirina masing-masing!”

“Rék kieu tuluy ateuh?” ceuk sakadang kuya nu keur depa hareupeun Si Éta.

“Meureun bakal téréh tumpur bangsa manusa téh. Da waktos kanggo bercinta kalah séép ku paséa. Rék iraha boga budakna?”

“Ceuk selenting angin nu bisa dipercaya ajén bebeneranana, ayeuna téh sudah cunduk waktu ninggang sama mangsa,” Si Éta nyelang déhém, “nya éta sumpingna pamingpin adil, tuan dan puan-puan. Pamingpin yang bisa menyelamatkeun kampung urang, désa urang, kacamatan urang, nagara urang. Alam dunya bakal terselamatkan oleh anjeunna. Karena hanya beliaulah yang bisa menumpes kajahatan. Bisa nanjeurkeun bebeneran. Waktu nu baris datang ibarat keretas anyar. Bodas. Nyacas. Suci pisan, anyir!”

“Lah, kawas nu enya waé cacapék téh,” ceuk hiji awéwé.

“Boa enya,” ceuk awéwé séjén, “Déngékeun heula!”

“Saha atuh?” ceuk sakadang cakcak nu ngarayap mapay lalangit. “Kumaha rupana éta téh? Susuganan kami kungsi nempo. Urang téang sakalian. Urang jorag ka panyumputanana. Sina sagancangna mingpin urang. Sangkan téréh aman! Capé, harénghéng waé téh.”

“Heug atuh. Lamun geus hayang tengtrem deui mah, lamun geus enya sayaga pikeun nyorang jaman aman mah, ayeuna geura papagkeun ku sadayana! Ulah cangcaya kana omongan kuring nu ukur sakieu ayana. Sing percaya heula wé, heueuh! Warangka mah lain keris. Cangkang tangtos béda jeung eusina. Geura tatahar, Luuur!” ceuk Si Éta ditungtungan ku ngacungkeun peureup. “Rahayuuu!”

Jalma-jalma ngaburusut ti Balé Ageung. Pon kitu deui pirang-pirang sato sarta kakayon. Sawaréhna huthét nyarieun umbul-umbul. Sawaréhna ijigimbrang ngaréka-réka upacara adat. Sawaréhna ngusey ngulik wirahma gamelan. Sawaréhna deui kuprak-keprek popolah. Aya ogé anu dokdak ngadegkeun panggung jangkung hareupeun Balé Ageung.

***

Pangeusi lembur Hitut tatahar pikeun mapag datangna hiji pamingpin. Pamingpin nu kungsi leungit tina harepan. Gamelan ditabeuh teu eureun-eureun. Tarompét nérétét. Bandéra tingkélébét. Nu rék tari geus laluis, ngaréngkénék di kénca jeung katuhueun jalan. Haseup menyan ngelun ka alak paul. Kekembangan diawur-awur di unggal jalan. Rajah ngaweuhan. Dunga teu kendat digalindengkeun. Ari panonpoé, panonpoé mah dengdeng kénéh waé. Teu usik teu malik. Gubar-Gebur. Lalay mingkin riab, lir ramo-rami urang nu teu bisa reureuh diusak-usik kapanasaran, karémpan, ogé harepan. Kolot, budak, awéwé ogé lalaki, darangdan maké pakéan sarwa weuteuh.

Nu diarep-arep teuing bakal iraha datangna. Waktu kawas batu. Anu nungguan kalah lukutan. Aya nu lelenggutan. Nu tilar dunya mah teu kapulasara. Pamingpin nu cenah bakal datang tacan aya kelemengna. Lembur Hitut beuki lila beuki meledek bau bangké. Si Éta teuing ka mana jigna. Taya nu apal. Ti Balé Ageung téh tuluy ngereles. Jeung taya nu ngarasa kaleungitan deuih, sabab pada-pada jongjon nataharkeun upacara akbar.

Panonpoé luhur gunung buringas kénéh.

Ti ponclot gunung aya nu tuturubun ngajugjug lembur Hitut. Muru pirang-pirang jalma nu geus sayaga mapagkeun. Papakéanana sing sarwa bodas. Sirahna dibakutet iket bodas. Jangotna ngeplak bodas. Iteuk belah kénca. Tasbé panjang belah katuhu. Saliwat mah moal aya nu nyangka yén éta téh Si Éta. Di saparat jalan biwirna terus ngunyem kawas keur babacaan: “Bang Toyiiib! Bang Toyiiib kenapa nggak pulang-pulaaang. Anakmu, anakmuuu, panggil-panggil namamu!” (***)

Cikuda, Jatinangor, 2013.